بسم الله الرحمن الرحيم
Nu matak teu ngeunah ka sorangan, matak teu ngeunah ogé ka batur
Dina hirup kumbur reureujeung reujeung batur atawa tatangga, kudu bisa ngaragap diri sorangan. Élmu ngaragap diri sorangan kacida pentingna dina ngajaga sikep reujeung kabiasaan dina kahirupan, utamana sikep ka diri batur. Sikep anu dipibanda ku unggal jalma, anu aya pakaitna reujeung batur bakal diwawatesan ku élmu ngaragap diri sorangan.Anu kumaha atuh anu disebut ngaragap diri sorangan téh?
Hirup reureujeungan reujeung batur
Ngaragap diri sorangan téh bisa disebutkeun ngarasakeun heula ku diri sorangan. Sagala hal utamana ngeunaan sikep, dirarasakeun heula ku diri sorangan. Sagala sikep atawa pagawéan anu bakal diterapkeun ka batur, dirarasakeun heula ku diri sorangan. Sikep anu kitu téh kumaha karasana ku diri sorangan. Lamun sikep anu bakal ditibankeun ka batur téh karasana ngeunah dina waktu ditibankeun ka diri sorangan, ku batur ogé bakal karasa ngeunah. Sabalikna lamun éta pagawéan atawa sikep téh matak teu ngeunah kana diri, ku batur ogé sarua waé bakal karasa teu ngeunahna. Kusabab kitu, dina ngalakukeun pagawéan dina kahirupan di masarakat, moal leupas tina sikep ngaragap diri sorangan. Da salaku papada jalma mah, miboga rarasaan anu ampir sarua. Anu teu ngeunah pikeun hiji jalma, umumna kitu ogé pikeun jalma séjén
http://ciburuan.wordpress.com/

